Batu Rosetta
| Batu Rosetta | |
|---|---|
Batu Rosetta di British Museum | |
| Material | Granodiorit |
| Ukuran | 112,3 cm × 75,7 cm |
| Aksara | Hiroglif, Démotik, Yunani |
| Dijieun | 196 SM |
| Kapanggih | 15 Juli 1799 |
| Lokasi ayeuna | British Museum |
Batu Rosetta nyaéta hiji batu granodiorit anu kacida pentingna pikeun panalungtikan modérn dina prosés panarjamahan téks kuna. Ieu batu miboga tulisan dina tilu rupa aksara, nyaéta aksara démotik basa Mesir, basa Yunani, sarta hiroglif Mesir.[1].
Ieu batu dijieun dina taun 196 SM sarta kapanggih deui dina taun 1799. Ku sabab basa Yunani geus dipikawanoh sacara lega dina mangsa éta, Batu Rosetta jadi konci utama pikeun narjamahkeun hiroglif. Thomas Young mimitina hasil nyurahan sababaraha bagian téks dina taun 1814, anu tuluy disampurnakeun ku Jean-François Champollion dina taun 1822. Ieu pamanggihan téh kacida pentingna sabab muka jalan pikeun narjamahkeun rupa-rupa téks hiroglif séjénna anu kapanggih di Mesir.[2]
Sajarah Pamanggihan
[édit | édit sumber]Batu Rosetta mangrupa pamanggihan arkéologi anu teu kasangka-sangka. Dina bulan Juli 1799, aya laporan anu nyebutkeun yén ieu batu kapanggih ngagolépak kitu baé dina taneuh, tapi aya ogé laporan séjén anu nyebutkeun yén ieu batu téh asalna aya di jeroeun témbok kuna. Nalika éta, hiji kompi pasukan Perancis keur meunang pancén pikeun ngabérésihkeun jalan sarta ngalegakeun bénténg pertahanan anu harita katelah Bénténg St. Julien.[2]
Ieu batu kapanggih dina ping 15 Juli 1799 di hiji kota anu ngaranna Rashid (Rosetta), Mesir, ku Pierre Bouchard.[2] Ti mimiti taun 1802, Batu Rosetta geus disimpen sarta jadi koléksi permanén di Museum Britania (British Museum).[1]
Pungsi jeung Panarjamahan
[édit | édit sumber]Thomas Young mimitina hasil nyurahan sababaraha bagian téks dina taun 1814, anu tuluy disampurnakeun ku Jean-François Champollion dina taun 1822. Ieu pamanggihan téh kacida pentingna sabab muka jalan pikeun narjamahkeun rupa-rupa téks hiroglif séjénna anu kapanggih di Mesir.[2]
Dicutat tina
[édit | édit sumber]- 1 2 Parkinson, Richard (1999). The Rosetta Stone. London: British Museum Press. ISBN 978-0714119212.
- 1 2 3 4 Budge, E. A. Wallis (1989). The Rosetta Stone: English Translation. Dover Publications. hlm. 13. ISBN 978-0486261638. Diaksés tanggal 2026-01-25.
Tumbu kaluar
[édit | édit sumber]- (en) The British Museum
- (en) The Finding of the Rosetta Stone Archived 2004-11-15 di Wayback Machine
- (en) An account of Napoleons findings in Egypt
- (en) Conservation and 1998 restoration of the Rosetta Stone at the British Museum
- (fr) Poto Batu Rosetta kalawan detail alus (1,3 MB)
- (en) The Rosetta Project Archived 2005-06-21 di Wayback Machine
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
| Artikel ngeunaan sajarah ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |